LANJUTAN MATERI BIOGRAFI
MATERI HARI INI ADALAH LANJUTAN MATERI SEBELUMNYA DENGAN ADA TUGAS DIABAGIAN AKHIR MATERI YANG HARUS DIKERJAKAN DAN DIKIRIM VIA EMAIL ustwatun.95hasanah@gmail.com , DIBERI WAKTU DALAM PENGUMPULAN TUGAS SAMPAI 3 HARI KEDEPAN !!!. ATUR NUHUN SADAYANA J
Maluruh Struktur Teks Biografi
Aya sawatara inohong Sunda anu makalangan di tingkat Nasional dina rupaning widang paelmuan jeung pangwangunan. Dina widang politik jeung pamarentahan, aya ali Sadikin (Bang Ali) anu sukses jadi Gubernur DKI Jakarta. Kitu deui R. Umar Wirahadikusumah, kantos nyepeng kalungguhan Wakil Presiden RI. Acan dina widang olahraga, aya Susi Susanti (Badminton), Tonton Susanto (Balap Sepedah), jeung Taufik Hidayat (Badminton). Dina widang seni, kacatet aya Daengg Sutigna (Angklung), Bimbo (POP), jeung Rhoma Irama (Dangdut).
Maham Struktur Teks Biografi
Dumasar kana tingkesan biografi di luhur, kacatet aya tilu bagian tina struktur teks biografi, nyaeta (1) bubuka, (2) eusi, jeung (3) pamungkas.
Bagian bubuka, ditepikeun dina alinea kahiji, eusina nyaritakeun atawa ngawanohkeun sacara umum tokoh Ir. R. H. Ukur Bratakusuma jeung widang pacabakanana.
Bagian
eusi,
ditepikeun dina salapan alinea, nyaeta alinea kadua nepi ka alinea kasapuluh.
Alinea (2) geunaan tempat jeung titimangsa lahir katut
kahirupan keur budak.
Alinea (3)-(8) ngenaan pangalaman sakolahna waktu rumaja nepi
ka dewasa, ti mimiti HIS,MULO,AMS, nepi
ka ITB.
Alinea (9) ngeunaan pangalaman tokoh kana widang
organisasi Paguyuban Pasundan jeung widang pulitik ngabela kamerdekaaan bareng
jeung Oto Iskandar Dinata.
Alinea (10) ngenaan pangalaman pacabakan jeung jabatan
tokoh dina ngeusian kemerdekaan Republik Indonesia.
Alinea (11) mangrupa pamungkas minangka kacindekan ngeunaan
jasa-jasa tokoh Ir. R. H. Ukar Bratakusuma.
Mikawanoh Kalimah
Wawaran (Deklaratif)
Karangan biografi teh dina seuhseuhanana mah ngawawarkeun
ka balarea ngeunaan riwayat hirup tokoh nu dianggep gede jasana keur kahirupan.
Dina karangan biografi sok kapanggih kalimah wawaran. Titenan geura contona ieu
di handap !
Tanggal 1 Desember 1966 kalawan alpukah jeung usahana
“Panitia Peringatan Hari Pahlawan Raden Dewi Sartika” di Jakarta anu diluluguan
ku Gubernur Daerah Husus Ibukota Jakarta Raya, Ali Sadikin, Pamarentah Republik
Indonesia netepkeun Raden Dewi Sartika jadi “Pahlawan Nasional” dumasar Surat
Kaputusan No. 252, tanggal 4 Desember, nya eta dinten dibabarkeunana Raden Dewi
Sartika minangka “Hari Nasional”.
Kalimah di luhur teh eusina nepikeun beja, sangkan
balarea apal yen Raden Dewi Sartika teh geus ditetepkeun ku pamrentah jadi
Pahlawan Nasional. Nurutkeun eusina, kalimah saperti kitu teh disebutna kalimah wawaran (deklaratif). Cindekna, nu disebut kalimah wawaran the
nyaeta kalimah anu eusina ngawawarkeun, mere beja ka lian tur miharep response
nu mangrupa paninten wungkul.
Contoh kalimah wawaran sejenna :
-
Neng Yaya keur gering tipes.
-
Pa Ukar teh gede pisan jasana keur urang
Sunda.
-
Karesep Andi the maca novel.
Nilik kana tekanan
(aksen) waktu ngendalkeunana, kalimah wawaran basa Sunda teh mibanda tilu rupa
lentong :
a.
Aksen dinamis, nyaeta lentong kalimah
anu engang panuntungna dikendalkeun leuwih tarik.
b.
Aksen tonis, nyaeta kalimah anu salah
salah sahiji dina engangna dikendalkeun leuwih tarik tur panjang.
c.
Aksen temporal, nyaeta lentong kalimah
anu salah sahiji enagngna dikendalkeun luhur-handap tur panjang-pondok.
Ngawawarkeun
Kalimah Wawaran
Saengges hidep mikaweruh perkara
kalimah wawaran, pek ayeuna jieun kalimah wawaran make kecap-kecap ieu di
handap !
1.
Ngamumule
2.
Ngaronjatkeun
3.
Ngadegkeun
4.
Bajoang
5.
Martabat
6.
Mieling
7.
Pahlawan
8.
Inohong
9. Adat istiadat
Kabudayaan
CARITA WAYANG
BalasHapusMAULANA YUSUF BDPI
CARITA WAYANG
Mikawanoh Perkara Wayang
Wayang golek teh hiji seni pintonan wayang nu mangrupakeun boneka tina kai nu dimaenkeun ku dalang, nu kawentar tur popiler pisan di Tatar Sunda. Wayang mangrupakeun bentuk teater rahayat nu popiler pisan. Masarakat mindeng ngahubungkeun kecap "wayang" jeung "bayang", dumasar kana sipatna anu ngagambatkeun kahitupan manusa.
Wayang holek aya dua rupa : wayang holek papak (cepak) jeung wayang golek purwa. Iwal ti wayang wong, pinyonan wayang dimaenkeun ku dalang nu mingoin pintonan sakaligus ngalagukeun suluk, nyoarakeun antawacana, ngatur gamelan, ngatur lagu, jeung sajabana.
Sakumaha alur carita pawayangan umumna, dina pitonan wayang holek oge biasana boga lalakon-lalakon anu galur atawa caranganana dicokot tuna carita Ramayana jeung Mahabarata anu ditepikeun dina basa Sunda nu diitingbku gamelan Sunda (saledro), nu diwangun ku dua saron, peking, selentem, bonang, bonang rincik, kenong, sapasang goong (kempul jeung goong) . Ditambah kendang (hiji kendang indung jeung tilu kulanter ), gambang jeung rebab.
Ti taun 1920-an, salila pitonan wayang golek teh teu weleh dibarengan sinden. Malah hartina mah sindenan bisa leuwih kawentar batan dalangna, utamana nalika jaman Upit Sarimanah jeung Titim Patimahtaun 1960-an.
Fina pitonan wayang golek, lalakon nu ilaharna dipintonkeun nyaeta lalakon carangan, lalakon galur, mahbteu pati mindeng, ieu bisa dijadikeun ciciren kaparigelan dalang dina nyiptakeun lalakon carangan nu alus tur matak dipikaresep. Dalang wayang golek nu kawentar diantara tarkim, R.U. Partasuanda, Abeng Suryana, Entah Tirayana, Apek, Asep Sunandar Suryana, Cecep Supriyadi, jeung lianna deui.
Unsur intrinsik anu aya dina carita wayang nyaeta tema, latar, galur, tokoh, watak, tokoh amanat, sudut pandang, jeung gaya bahasa.dihandap ieu dijentrekeun unsur intrinsik anu aya dina carita wayang :
1. Unsur tema
2. Unsur latar
3. Unsur galur
4. Unsur tokoh
5. Unsur watak tokoh
6. Unsur amanat
7. Unsur sudut pandang
8. Unsur gaya bahasa
Sedengkeun unsur-unsur ekstrinsik anu aya dina catita wayang nyaeta unsur-unsur tiluar anu mangatuhan kana eusi carita anu aya dina hiji catita wayang. Unsur ekstrinsik anu pangaruhan eusi catita nu aya dina carita wayang nyaeta saperti nilai budaya, sosial, politik, adat istiadat, jeung agama.