LANJUTAN MATERI SAJAK
WANDA SAJAK
a. Sajak epik
Sajak epik nyaeta sajak anu sipatna ngadadarkeun, ngalalakonkeun, atawa nyaritakeun hiji carita atawa kajadian. Ku lantaran kitu sajak epik mah biasana panjang, da sipatna ngalalakonkeun hiji carita. Kusabab kitu, dina sajak epik mah bakal kanyahoan saha tokohna, naon krtakna, jeung kumaha pamustunganana. Sajak epik oge ilaharna eusina teh ngawangun carita kapahlawanan nu aya patali jeung sasakala, kepercayaan, atawa sejarah. Wangun sajak epik bisa digolongkeun deui jadi sababaraha golongan, diantarana epos, fabel, jeung balada.
Sangkan meunang gambaran, ieu dihandap aya salahsahiji conto sajak epik, pek perhatikeun lan baca sing gamet !
Di Panugaran Curug Sigay
Ku: Agus Suriamihardja
1. ki Arsik urang Cicarita
Ngahaja nugar batu Curug Sigay
Teuing nu saha
Teu kungsi dipapay-papay
Datang ka lengkob nyorangan
Bismi hirup
Tuluy ngahemat bebeakan
Batu urug
Kitu jeung kitu
Tara nunggu nunggu
Mun karasa cangkengna asa semplak
Reureuh heula sakeudeung
Udud mole, ni'mat ngadadak
Minangka sasarap, citiis jeung gula kawung
Basajan pisan
Kahayang karumasaan
2. Datang anemer ti Bandung
Ngagorowok luhureun pasir:
Aki, geus meunang sabaraha kibik?
Di lengkop Ki Arsik nangtung
Nembal bari rada gimir:
Karek meunang dua kibik
Tuluy ti lengkob batu ditunjal
Ka sisi jalan gede jauhna tilu pal
Gawe sabaraha poe
Tukeur beas jeung mole
Bro ka pamajikan
Nohonan kajujuran
3. Ki Arsik imah bilik hateup eurih
Manehna panugar batu
Hasil kesang jeung kapeurih
Jadi gedong deungeun-deungeun peuntas ditu
Ki Arsik teun nyaho-nyaho
Anemer nyandung ka randa donto
4. Basa anak bungsuna kawin
Ki Arsik ngumaha maur
Anemer mere nginjem bari api lain
Tah aki, Kula ngan nyaho batu satuur
Sabada ngawalian
Manehna ka lengkob deui
Nugar batu mayar hutang
ngaheumbat sataker kebek
Linggis mentak kana tarang
Renghapna kapengkek
Nini, Aki tiwas
Ti mumunggang ngahiliwir angina kaihlas
Ki Arsik boga hutang urut hajat
Teu kaburu punah
Mayitna ditanggeuy kunu ngarit
Angkeub langit Cicarita
Pamajikan, anak incu walurat
Hutang can punah
Maskumambang salalangit
Di Cicarita guyur carita
5. Kiwari
Mun tengah poe ereng-erengan
Sok kawenehan ti lengkob aya aweuhan
Sora linggis nugar batu
Tapi tuluy gagu
Jeung hawar hawar kadenge sore ngahelas
Nini, Aki tiwas
dicutat tina Sajak Sunda, Ajip Rosidi, 2007
b. Sajak lirik
Beda jeung sajak epik nu ngalalakon, sajak lirik mah henteu ngalalakon. Sajak lirik nyaeta sajak anu ngagambarkeun rasa panyajakna atawa sajak anu ngebrehkeun pikiran jeung rasa pribadi panyajak panyajakna tur sipatna leuwih subjektip. Dina sajak lirik panyajak henteu ngadongeng atawa nyaritakeun, tapi ngembrehkeun sakur anu kapikir jeung karasa waktu harita. Geura tengetan ieu conto sajak lirik di handap nu judulna "Do'a" karya Apip Mustopa.
Do'a
(haturan Pa Oto Iskandar Dinata)
Ku: Apip Mustopa
Jungjunan
Pangnangkeupkeun eta nyawa
nu indit tanya nu nanya
taya tapakna di dunya
Angin
pangusikkeun pangeusi buana
yen aya sinatria nu perlaya
di tempat baktina taya nu daek ngajungjung
He panonpoe
geura awurkeun panas nu ngaduruk sagala
sanngkan ieu dada
sakumana nyawa Sunda
nyaho boga pahlawan digjaya
Dicutat tina Kesusatran Sunda Dewasa ini 1996
SILAHKAN DICATAT DI BUKU, DAN UNTUK ABSENSI SILAKAN KOMENTAR DIKOLOM KOMENTAR NAMA, KELAS DAN JURUSAN. BAGI YANG PUNYA LKS SILAHKAN HANYA ABSEN TIDAK PERLU CATET ULANG. TERIMAKASIH
Rosita Desan
BalasHapusNama : Fauzi suryazi
BalasHapusKelas : XI bdp 1
SMK assalamah
Nama: Anisa damayanti
BalasHapusKelas: XI OTKP⁴
Verani Zahra A
BalasHapusXI BDP 3
Juni Atika Prihatini
BalasHapusXI OTKP 2
Arsinta Eka Putri
BalasHapusXI OTKP 2
Arjun Suryana
BalasHapusXI OTKP 2
Ismelani
BalasHapusXI OTKP 4
Muhammad Fadillah
BalasHapusXI Otkp 2
Nur Alfiah
BalasHapusXI Otkp2