LANJUTAN MATERI BIOGRAFI

MATERI HARI INI ADALAH LANJUTAN MATERI SEBELUMNYA DENGAN ADA TUGAS DIABAGIAN AKHIR MATERI YANG HARUS DIKERJAKAN DAN DIKIRIM VIA EMAIL ustwatun.95hasanah@gmail.com , DIBERI WAKTU DALAM PENGUMPULAN TUGAS SAMPAI 3 HARI KEDEPAN !!!. ATUR NUHUN SADAYANA J 

Maluruh Struktur Teks Biografi 

Aya sawatara inohong Sunda anu makalangan di tingkat Nasional dina rupaning widang paelmuan jeung pangwangunan. Dina widang politik jeung pamarentahan, aya ali Sadikin (Bang Ali) anu sukses jadi Gubernur DKI Jakarta. Kitu deui R. Umar Wirahadikusumah, kantos nyepeng kalungguhan Wakil Presiden RI. Acan dina widang olahraga, aya Susi Susanti (Badminton), Tonton Susanto (Balap Sepedah), jeung Taufik Hidayat (Badminton). Dina widang seni, kacatet aya Daengg Sutigna (Angklung), Bimbo (POP), jeung Rhoma Irama (Dangdut). 






Maham Struktur  Teks Biografi

Dumasar kana tingkesan biografi di luhur, kacatet aya tilu bagian tina struktur teks biografi, nyaeta (1) bubuka, (2) eusi, jeung (3) pamungkas.

Bagian bubuka, ditepikeun dina alinea kahiji, eusina nyaritakeun atawa ngawanohkeun sacara umum tokoh Ir. R. H. Ukur Bratakusuma jeung widang pacabakanana. 

Bagian eusi, ditepikeun dina salapan alinea, nyaeta alinea kadua nepi ka alinea kasapuluh.

            Alinea (2) geunaan tempat jeung titimangsa lahir katut kahirupan keur budak.

     Alinea (3)-(8) ngenaan pangalaman sakolahna waktu rumaja nepi ka dewasa, ti mimiti  HIS,MULO,AMS, nepi ka ITB.

        Alinea (9) ngeunaan pangalaman tokoh kana widang organisasi Paguyuban Pasundan jeung widang pulitik ngabela kamerdekaaan bareng jeung Oto Iskandar Dinata.

          Alinea (10) ngenaan pangalaman pacabakan jeung jabatan tokoh dina ngeusian kemerdekaan Republik Indonesia.

            Alinea (11) mangrupa pamungkas minangka kacindekan ngeunaan jasa-jasa tokoh Ir. R. H. Ukar Bratakusuma. 



Mikawanoh Kalimah Wawaran (Deklaratif)

            Karangan biografi teh dina seuhseuhanana mah ngawawarkeun ka balarea ngeunaan riwayat hirup tokoh nu dianggep gede jasana keur kahirupan. Dina karangan biografi sok kapanggih kalimah wawaran. Titenan geura contona ieu di handap !

            Tanggal 1 Desember 1966 kalawan alpukah jeung usahana “Panitia Peringatan Hari Pahlawan Raden Dewi Sartika” di Jakarta anu diluluguan ku Gubernur Daerah Husus Ibukota Jakarta Raya, Ali Sadikin, Pamarentah Republik Indonesia netepkeun Raden Dewi Sartika jadi “Pahlawan Nasional” dumasar Surat Kaputusan No. 252, tanggal 4 Desember, nya eta dinten dibabarkeunana Raden Dewi Sartika minangka “Hari Nasional”.

            Kalimah di luhur teh eusina nepikeun beja, sangkan balarea apal yen Raden Dewi Sartika teh geus ditetepkeun ku pamrentah jadi Pahlawan Nasional. Nurutkeun eusina, kalimah saperti kitu teh disebutna kalimah wawaran (deklaratif).  Cindekna, nu disebut kalimah wawaran the nyaeta kalimah anu eusina ngawawarkeun, mere beja ka lian tur miharep response nu mangrupa paninten wungkul.

Contoh kalimah wawaran sejenna :

-          Neng Yaya keur gering tipes.

-          Pa Ukar teh gede pisan jasana keur urang Sunda.

-          Karesep Andi the maca novel.

Nilik kana tekanan (aksen) waktu ngendalkeunana, kalimah wawaran basa Sunda teh mibanda tilu rupa lentong :

a.       Aksen dinamis, nyaeta lentong kalimah anu engang panuntungna dikendalkeun leuwih tarik.

b.      Aksen tonis, nyaeta kalimah anu salah salah sahiji dina engangna dikendalkeun leuwih tarik tur panjang.

c.       Aksen temporal, nyaeta lentong kalimah anu salah sahiji enagngna dikendalkeun luhur-handap tur panjang-pondok.

 

 

Ngawawarkeun Kalimah Wawaran

Saengges hidep mikaweruh perkara kalimah wawaran, pek ayeuna jieun kalimah wawaran make kecap-kecap ieu di handap !   

1.     Ngamumule

2.     Ngaronjatkeun

3.     Ngadegkeun

4.     Bajoang

5.     Martabat

6.     Mieling

7.     Pahlawan

8.     Inohong

9.     Adat istiadat

     Kabudayaan  


Komentar

  1. CARITA WAYANG
    MAULANA YUSUF BDPI
    CARITA WAYANG

    Mikawanoh Perkara Wayang
    Wayang golek teh hiji seni pintonan wayang nu mangrupakeun boneka tina kai nu dimaenkeun ku dalang, nu kawentar tur popiler pisan di Tatar Sunda. Wayang mangrupakeun bentuk teater rahayat nu popiler pisan. Masarakat mindeng ngahubungkeun kecap "wayang" jeung "bayang", dumasar kana sipatna anu ngagambatkeun kahitupan manusa.
    Wayang holek aya dua rupa : wayang holek papak (cepak) jeung wayang golek purwa. Iwal ti wayang wong, pinyonan wayang dimaenkeun ku dalang nu mingoin pintonan sakaligus ngalagukeun suluk, nyoarakeun antawacana, ngatur gamelan, ngatur lagu, jeung sajabana.
    Sakumaha alur carita pawayangan umumna, dina pitonan wayang holek oge biasana boga lalakon-lalakon anu galur atawa caranganana dicokot tuna carita Ramayana jeung Mahabarata anu ditepikeun dina basa Sunda nu diitingbku gamelan Sunda (saledro), nu diwangun ku dua saron, peking, selentem, bonang, bonang rincik, kenong, sapasang goong (kempul jeung goong) . Ditambah kendang (hiji kendang indung jeung tilu kulanter ), gambang jeung rebab.
    Ti taun 1920-an, salila pitonan wayang golek teh teu weleh dibarengan sinden. Malah hartina mah sindenan bisa leuwih kawentar batan dalangna, utamana nalika jaman Upit Sarimanah jeung Titim Patimahtaun 1960-an.
    Fina pitonan wayang golek, lalakon nu ilaharna dipintonkeun nyaeta lalakon carangan, lalakon galur, mahbteu pati mindeng, ieu bisa dijadikeun ciciren kaparigelan dalang dina nyiptakeun lalakon carangan nu alus tur matak dipikaresep. Dalang wayang golek nu kawentar diantara tarkim, R.U. Partasuanda, Abeng Suryana, Entah Tirayana, Apek, Asep Sunandar Suryana, Cecep Supriyadi, jeung lianna deui.

    Unsur intrinsik anu aya dina carita wayang nyaeta tema, latar, galur, tokoh, watak, tokoh amanat, sudut pandang, jeung gaya bahasa.dihandap ieu dijentrekeun unsur intrinsik anu aya dina carita wayang :
    1. Unsur tema
    2. Unsur latar
    3. Unsur galur
    4. Unsur tokoh
    5. Unsur watak tokoh
    6. Unsur amanat
    7. Unsur sudut pandang
    8. Unsur gaya bahasa

    Sedengkeun unsur-unsur ekstrinsik anu aya dina catita wayang nyaeta unsur-unsur tiluar anu mangatuhan kana eusi carita anu aya dina hiji catita wayang. Unsur ekstrinsik anu pangaruhan eusi catita nu aya dina carita wayang nyaeta saperti nilai budaya, sosial, politik, adat istiadat, jeung agama.

    BalasHapus

Posting Komentar

Postingan Populer