Ngadeklamasikeun Sajak

 Maca sajak jeung ngadeklamasikeun sajak teh beda. Dina maca sajak dipindangkeun ku cara dibaca tina naskah sajakna. Sedengkeun ari deklamasi mah sajak teh dipindangkeun kucara ditalar kalawan tatag make lentong, sikep, jeung pasemon anu luyu jeung eusi sajak.

Aya sababaraha hal nu kudu diperhatikeun upama urang maca sajak di hareupeun balarea, di antara:

1. Lenyepan 

Samemeh maca hiji sajak, urang kudu bisa ngalenyepanheula kana eusi sajak sageblengan. Nyaritakeun naon eta sajak, kumaha watekna, naha nyaritakeun perkara anu pikabungaheun, pikasediheun, pikaketireun, ngahudang sumenget, jeung sajabana. Mun bisa, kudu apal kana temana, naha silihasih, kritik sosial, piwulang, jeung sajabana. Tina hasil ngalenyepan teh urang baris bisa napsirkeun eta sajak anu engkena ditepikeun ka balarea.

2. Vokal

Vokal nu dimaksud di dieu patalina jeung sora. Sorana kudu bentes tur "buleud", dina harti tetela kadengena bari henteu kudu gogorowokan. 

3. Nada jeung Rasa

Nada jeung rasa nu dimaksud di dieu patalina jeung sikep dina nepikeun eta sajak. Naha nadana sinis, nyungkun, tumamprak,mikamelang jeung sajabana. Ari rasana naha pikabungaheun, pikakeuheuleun, pikasediheun jeung saterusna. Sikep urang dina maca sajak kudu saluyu jeung nada katut rasa anu dikandung dina eta sajak.

4. Wirahma

Wirahma anu dimaksud di dieu nyaeta anca-gancangna dina maca sajak, kaasup randegan jeung lentong. Urang kudu apal di mana randegan anu sakedapan, di mana randegan anu rada lila. Kitu deui jeung lentong, lentong kalimahwawaran, upamana beda jeung lentong kalimah pananya. Lentong anu sedih, moal saruajeung lentong anu ngagedurkeun sumenget. Kitu deui lentong basa Sunda, tangtu beda jeung lentong basa Indonesia.

5. Ekspresi 

Anu dimaksud ekspresi di dieu, nyaeta ebrehan jiwa anu di antarana ketembong sacara fisik dina paroman (mimik) jeung pasang peta (gestur). Paroman dina maca sajak anu pikasediheun, upmana, jelas moal sarua jeung maca sajak anu hegar, kitu deui jeung pasang petana.

SALIN KEDALAM BUKU CATATAN, UNTUK ABSENSI TULISAKAN NAMA, KELAS DAN JURUSAN DIDALAM KOLOM KOMENTAR. ATURNUHUN ! 

Komentar

Posting Komentar

Postingan Populer