LANJUTAN MATERI SAJAK

 

Lanjutan materi sajak

Maca Sajak

Leungiteun

Ku: Titin Kurniawati

Duh, ka mana tegal keur kuring?

Pangulinan

Paragi ucing-ucingan

Anjang-anjangan

 

Aya tegal heureut sesa ngeureut

Teuing isuk biheung pageto

Leungit dijieun wangunan

Sabab kamari geus diukur panjang lebarna

Dicutat tina Mangle, No. 718

 

Kaktus

Ku: Yus Rusyana

Tangkal kaktus nunggelis

Sinar layung lumengis

Angina cucukna ipis

 

Tegal keusik cerdas

Batu karang gelas

Mega bodas kagagas

 

Regas

 

Tangkal kaktus, eulis

Ku cimata reumis

Cinta kahujanan ngepris

Tinggal tias bodas

Dina kalbu kaihlas

Tangkal kaktus kawaas

Dicutat tina kumpulan sajak ‘Buana nu Pinuh ku Mega’

 

 

Mikawanoh Sajak

Sakeupeung istilah puisi the sok disinonimkeun jeung sajak, padahal istilah puisi dina sastra Sunda  lega pisan. Wangun puisi dina sastra Sunda ngawengku puisi buhun jeung puisi moderen. Wangun puisi buhun, di antarana sisindiran, wawacan, guguritan, asihan, mantra, jangjawokan, rarakitan, pupujian jeung pupuh. Sajak dina seuhseuhana mah kaasup kana wangun puisi moderen.

Dina nulis sajak the euweuh patokan anu baku saperti dian wangun ugera lainna. Upamana bae ngeunaan jumlah jeung purwakanti (sora engang panungtung anu sarua). Beda jeung guguritan, sisindiran, pupuh, atawa nu kaasup wangun puisi buhun lainna nu kaiket ku aturan.

1.      Unsur – Unsur Sajak

a.       Adegan Lahir

Nu dimaksud adegan lahir teh nyaeta unsur fisik sajak disawang tina wangunna. Ari perkara nu kaasup kana adegan lahir sajak diantarana :

1.      Wangun sajak (tipografi)

2.      Pilih kecap (diksi)

3.      Citraan (imaji)

4.      Gaya basa (figuratif)

5.       Purwakanti (padekeutna sora)

b.      Adegan Batin

Adegan batin sajak mah teu katembong langsung, tapi kudu diteleuman atawa dirarasakeu. Peerkara nu kaasup kana unsur batin di antarana:

1.      Jejer (sense)

2.      Rasa (felling)

3.      Wirahma (tone)

4.      Amanat (intention)

Komentar

Posting Komentar

Postingan Populer