RUMPAKA KAWIH
RUMPAKA KAWIH (PANGERTIAN,
CONTO,UNSUR, SARTA STRUKTUR/ADEGAN KAWIH)
RUMPAKA KAWIH . Hidep kungsi
ngaregepkeun lalaguan Sunda anu dihaleuangkaeun ku almarhum Darso, Doel
Sumbang, atawa Yayan Jatnika? Aya nu apal henteu laguna? Kudu apal atuh kana lalguan
pop Sunda, ulah kana lagu pop indonesia jeung inggris wae. Apan cirina urang
reueus kana budaya bangsa teh nya kudu make basa daerah. Aya babasan yen basa
teh ciciren bangsa. Lagu pop sunda teh rumpakana make basa Sunda.
Lagu pop Sunda anu sok dihaleuangkeun
ku Darso, Yayan Jatnika, Doel Sumbang, jrrd. teh kaasup kana wanda kawih. Ku
lantaran kitu, kawih teh jadi bagian tina kabeungharan basa, sastra jeung seni
Sunda. Dina elmu musik Sunda, antara kawih jeung tembang teh dibedakeun. Dina
kawih maah aya birama (wiletan) jeung ketukan (tempo).
Waktu dihaleuangkeun, kawih mah kauger ku aturan birama jeung ketukan.
Sedengkeun tembang mah henteu kauger ku wiletan jeung ketukan.
Sangkan teu bingung, hayu urang
titenan heula kumaha wangunna rumpaka kawih. Geus kitu, tuluy regepkeun kumaha
cara ngahaleuangkeunana. Sangkan gampang, bisa nyetel kaset, VCD, atawa ningali
tina internet!
A. PANGERTIAN RUMPAKA KAWIH
Rumpaka kawih nyaeta kekecapan
atawa lirik kawih. Umpama ditilik tina rumpakana, kawih oge mangrupakeun karya
sastra Sunda wangun ugeran atawa puisi anu henteu pati kaiket ku aturan. Umpama
ditilik tina rumpakana, kawih sarua jeung kakawihan, nyaeta puisi Sunda anu
henteu pati kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang mangrupakeun karya sastra
wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh. Ieu dihandap aya tilu
rumpaka kawih. Pek baca dina jero hate, teuleuman kumaha eusina. Geus kitu,
tuluy kawihkeun! Mun hese, bisa ngaregepkeun heula tina kaset, CD, MP3,MP4! Mun
di kelas aya nu sorana halimpu jeung tapis ngawih, pek sina ngawih di hareupeun
kelas.
- Kawih Es Lilin
ES LILIN
Sanggian : Mursih
Es lilin mah, aduh, kalapa muda,
dibantun mah, geuning, ka Sukajadi,
abdi isin, geuning, samar kaduga,
sok sieun mah, aduh, henteu ngajadi.
Es lilin mah, aduh, buatan
Bandung,
dicandak mah, geuning, ka Cipaganti,
abdi isin, geuning, sok bararingung,
sok isin mah, geuning, henteu ngajadi.
Itu saha, dunungan duh, nguntun
munding,
digantelan, dunungan duh, saputangan,
itu saha, dunungan duh, ginding teuing,
sihoreng mah, aduh, geuning dunungan.
2. KAWIH KARATAGAN PAHLAWAN
KARATAGAN PAHLAWAN
Sanggian : Mang Koko
Teu honcewang (teu ringrang)
sumoreang (haringhang)
Tekadna pahlawan bangsa (pahlawan)
Cadu mundur (takabur)
pantrang mulang (honcewang)
Mun maksud tacan laksana
Berjuang keur lemah cai
Lali rabi tur tegang pati
Taya basa menta pamulang tarima
Iklas rido keur korban merdeka
Sinatria danalaga
Bela bangsa jeung nagara
Dibarengan tekad suci
Berjuang keur lemah cai
Teu ngingetkeun ka dirina
Asal nagri bangsa waluya
Kadar jembar raharja mukti wibawa
Gembleng tujuan Pahlawan Bangsa
3. KAWIH KABOGOH JAUH (POP
SUNDA)
Kabogoh Jauh
Dinyanyikeun ku Darso
Boga kabogo jauh
Mentas laut leuweung gunung
Tapi apel teu bingung
Cukup hallo na telepon
Kuring di pulau jawa
Manehna pulau sumatera
Lamun malam mingguan
Mojok via SMS-an
Jelema palinter
Dunya beuki maju
Najan urang pajauh
Bisa ngobrol unggal waktu
Tiap SMS-an atawa nelepon
Teu jadi pikiran
Kajeun pulsa kabobolan
Nu penting mah bisa ngobrol jeung manehna
B. MIKAWERUH PERKARA KAWIH
1. WANGENAN KAWIH
Dua kawih anu tadi geus
dihaleuangkeun ku hideup teh geus populer pisan di tatar Sunda mah. Najan kitu,
hidep kudu apal yen di urang mah aya mu disebut kawih, kakawihan, jeung tembang. Tiluanana
sarua sok dihaleuangkeun atawa dilagukeun .
Kawih teh jadi bagian tina
kabeungharan seni Sunda. Dina elmu musik Sunda, antara kawih jeung
tembang teh dibedakeun. Dina kawih mah aya birama (wiletan) jeung ketukan
(tempo). Waktu dihaleuangkeun , kawih mah kauger ku aturan birama jeung
ketukan. Sedengkeun tembang mah henteu kauger ku wiletan jeung ketukan.
Ari kakawihan mah meh sarua jeung
kawih. Bedana, kakawihan mah dihaleuangkeun teh dina kaulinan barudak. Ku
kituna kakawihan sok disebut oge kawih murangkalih atawa
kawih barudak. Contona wae aya kakawihan “Oray-orayan”, “Pacicipoci”,
“Hompimpah”, Eundeuk-Eundeukan’, jeung sajaba ti eta.
2. STRUKTUR (ADEGAN;UNSUR)
KAWIH
Rumpaka dina kawih, kakawihan,
jeung tembang teh mibanda ajen sastra. Umumna ditulis dina wangun puisi
sisindiran atawa puisi bebas. Ku kituna, rumpaka kawih, kakawihan, jeung
tembang teh mibanda unsur-unsur puisi. Umpamana wae diwangun ku bait (pada),
jajaran (padalisan), purwakanti, gaya basa, jeung kekecapan (diksi) anu
dipakena pinilih pisan. Kitu deui bisa dipaluruh naon temana, kumaha nadana,
amanatna, jeung naon nu dicaritakeunana.
a. Jejer atawa tema
Tema teh gagasan pokok anu rek
ditepikeun ku nu ngarang rumpaka kawih ka nu maca. Tema dina kawih rupa-rupa,
aya tema kaagamaan, kamnusaam, cinta ka lemah cai, jste.
b. Nada jeung suasana
Nada teh sikap pangarang ka nu
maca. Tina sikep pangarang ngabalukarkeun ayana suasana nu karasa ku nu maca.
Geura titenan rumpaka kawih ieu dihandap!
Sinatria danalaga
Bela bangsa jeung nagara
Dibarengan tekad suci
Berjuang keur lemahcai
Dumasar rumpaka kawih di luhur,
katangen sikep pangarang teh hayang ngabejaan ka nu maca yen ari pahlawan teh
nu berjoang keur ngabela bangsa, nagara, jeung lemah cai. Tina sikep eta urang
salaku nu maca bisa ngarasa reueus kana jasa-jasana pahlawan.
c. Rasa
Rasa teh ngajiwaan eusi kawih.
Rasa dina kawih kapanggih sabada dihaleuangkeun. Ngareunah henteuna kawih teh
apan karasana sabada dihaleuangkeun.
d. Amanat
Amanat teh rasa pangarang anu
karasa ku nu maca atawa ngaregeupkeun kawih. Tapi najan kitu, amanat dina kawih
ditangtukeunana teh gumantung nu maca. Hartina urang dibere kabebasan pikeun
nangtukeun amanat tina hiji kawih.
e. Purwakanti
Titenan deui rumpaka kawih ieu
dihandap!
Sinatri[a] danalag[a]
<———- padalisan ka-1
Bela bangs[a] jeung nagar[a]
Dibarengan tekad suc[i]
pada
(bait)
Berjuang keur lemahca[i]
Rumpaka di luhur teh jumlahna
sapada (bait). Sapadana diwangun ku opat padalisan (jajaran). Dina rumpaka di
luhur, aya sora-sora anu sarua unggal padalisan. Dina padalisan kahiji jeung
kadua, nu sarua teh sora [a]. Dina padalisan katilu jeung kaopat, nu sarua teh
sora [i]. Sora-sora nu sarua dina rumpaka kawih kitu teh disebutna purwakanti. Cindekna
nu disebut purwakanti teh nyaeta padeukeutna atawa saruana sora kecap dina
ungkara kalimah.
Nilik perenahna, purwakanti teh
aya dua. Saruana atawa padeukeutna sora kecap nu ngajajar ka gigir dina
sapadalisan disebut purwakanti rantayan. Contona rumpaka kawih
di luhur. Ari sarua atawa padeukeutna sora kecap nu ngaruntuy ka handap tur
biasana aya ditungtung ungkara padalisan mah disebutna purwakanti runtuyan.
Titenan contona dina rumpaka kawih ieu dihandap!
Berjuang keur lemahca[i]
Lali rabi tur tegang pat[i]
Taya basa menta pamulang tarim[a]
〉
Murwakanti dina sora i jeung a
Iklas rido keur korban merdek[a]
C. CONTO RUMPAKA KAWIH
ULAH CEURIK
Cag didieu,Cag seumeut dieu
Lalakon cinta nu urang
Teup anteupkeun,Tong di guar deui
Carita cinta nu peugat
Najan ka gandrung sa gunung,Najan
duriat sa jagat
Kadeudeuh nu nyangreud pageuh
Ahirna urang pipisah
Pisah…
Rek ka saha,Rek ka urang mana
Geura milari geuntosna
Cig ka kidul,Cig ka kaler
Ngulon ngetan moal nyaram
Tos teu aya kakaitan
Antara urang duaan
Lain anjeun lain akang
Urang geus lain lainna
Lain….
Ulah ceurik,Tong diceungceurikan
Tarimakeun janten rangda,Akang pasrah jadi duda
Da geuning kieu kuduna
Urang teu bisa kumaha
Ulah ceurik,Tong diceungceurikan
Wayahna urang papeugat,Najan hate masih beurat
Pileuleuyan, pileuleuyan
Hampura, Akang hampura
Komentar
Posting Komentar