PADIKA MACA WARTA
PADIKA MACA WARTA
Aya swatara hal anu
kudu diperhatikeun lamun urang maca warta boh dina Radio atawa TV. Kahiji, kudu
bisa maca naska warta, lantaran ditulisna rada beda jeung tulisan sejen. Upaman
wae dina naskah warta di luhur, aya lambing atawa simbul tulisan nu beda jeung
tanda baca biasana. Aya hal anu katingalina beda dina ngalarapkeun tanda baca
antara nulis berita keur terbitkeuneun di surat kabar jeung berita bacakeuneun
di media elektronik TV atawaa radio, pangpangna dina tanda baca koma (,) jeung
titik (.). Dina berita surat kabar citak
saperti Koran jeung majalah, tanda koma atawa titik teh nya tanda koma jeung
titik biasa bae. Tapi tanda baca dina berita bacakeuneun penyiar atawa juru
warta media elektronik mah, koma the dicirian ku gurat condong hiji (/), titik
ditandaan ku tanda gurat condong dua (//). Geura pek tengetan deui dina warta
Bandung TV di luhur sual unjuk rasa tea.
Kadua, maca warta dina
TV kudu alus peta jeung dangdanan. Geus puguh ari sora mah kudu halimpu,
ngoncrang, jeung bentes. Matak so kaya kacapangan, nu maca warta dina TV mah cameraface. Sabalikna, ari maca warta
dina radio mah cukup ku sora nu halimpu, ngoncrang, jeung bentes. Teu kudu cameraface oge teu nanaon.
Katilu, maca warta dina
TV atawa radio kudu alus artikulasi, lentong, jeung randegan kalawan sora
ngoncrang.
Kopat, hal-hal anu
patalina jeung tehnis biasana ditangtukeun ku unggal stasuiun TV atawa radio.
Umpamana wae cara diuk, merenahkeun alat-alat elektronik kalayaning mik, jste.
Tangtu we memeh jadi pamaca warta, kudu aya latihan heula. Malah apan aya
sakolana husus.
PADIKA SIARAN RADIO
Siaran teh kaasup kana
kagiatan di dunya pers. Nu dimaksud pers teh ngawengku sakumna media massa boh
citak boh elektronik. Media citak upamana aya Koran, majalah, tabloid, jeung
bulletin. Ari media elektronik ngawengku televise, radio, jeung internet. Ku
lantaran kitu, tantu we siaran teh aya padika atawa kode etikna, anu disebut
kode etik jusrnalistik. Siaran dina radio jeung TV, tantu we aya bedana.
Pangpangna mah dina cara jeung tehnik midangkeunana. Ditilik tina mediana wae
geus bed, mun radio ukur ngajomantara sora wungkul (audio), ari TV mah apan
katembong aya gambar. Jeung sora (audio-visual).
Kode etik jurnalistik
the nyaeta padika anu ngadadasaran moral jeung etika parainsan pers dina
netepkeun kabebasan pers anu bisa dipertanggungjawabkeun. Ari kode etik
jurnalistik teh ditetepkeun ku PWI (Persatuan Wartawan Indonesia). Eusina
ngawengku perkara kapribadian jeung integritas wartawan, cara nepikeun warta
jeung ngasongkeun pamadegan, padika nangtukeun sumber warta, jeung
katangtuan-katangtuan sejenna ngeunaan kawartawanan. Ku kitua, kagiatan siaran
boh dina radio atawa televise teu bisa sagawayah. Urang kudu nyaho
kumahatatakramana. Hartina mun urang jadi penyiar, samemehnakudu apal heula
tatakrama.
Sacara bajasan, padika
atawa tatakrama siaran dina radio teh sahenteuna kudu nedunan sarat-sarat kieu.
1). Kudu nataharkeun
atawa nyiapkeun heula naskah keur siaran. Naskah siaran teu meunang ngahina
sual SARA. Kitu deui, kudu make basa anu etis (sopan, bener, tur merenah).
2). Kudu nyangking
atawa paham kana eusi naskah, sangkan dina waktu siaran henteu kacaletot atawa
kapetolan.
3). Kudu latihan vocal
(sora). Lantaran jadi penyiar mah sora teh kudu alus, kudu ngoncrang, tur
lentongna ge kudu halimpu.
4). Mun siaran teu make
naskah, salila siaran ulah nyigeung perkara SARA. Kitu deui, ulah ngritik atawa
nyawad pamarentah bari teu puguh buktina.
5). Mun siaran
interaktif (langsung), urang kudu bisa ngajawab unggal pananya ti pamiarsa anu
nelepon.
Kitu padika atawa
tatakrama siaran teh. Bisa jadi aya padika-padika sejenna, eta mah ngumantung
kana kawijakan anu ditangtukeun ku setasion radio/televise. Saterusna perlu
dieceskeun yen di Jawa Barat, aya sawatara media elektronik anu nyiarkeun acara
make basa Sunda. Upamana wae aya TVRI Jabar Banten, Bandung TV, STV,MQ TV, RRI
Bandung, Rama FM, Gespa FM, jeung rea-rea deui. Kitu deui dina media citak, aya
majalah Mangle, majalah Cupumanik, Koran Galura, Koran Giwangkara, jeung
rea-rea deui. Bisi hidep panasaran, sakali mangsa mah regepkeun siaran radio,
lalajo televise atawa maca koran jeung majalah nu make basa Sunda. Tangtu we
bakal karasa bedana jeung acara-acara anu make basa Indonesia atawa inggris ?
Komentar
Posting Komentar