BIOGRAFI

BACALAH MATERI TERSEBUT, ALANGKAH BAIKNYA DICATAT DI BUKU. TONG HILAP TULIS NAMA, KELAS, DAN JURUSAN DENGAN BENAR ! ATURNUHUN ... :)  

Panyungsi Basa 

    1. Mikaweruh Perkara Biografi jeung Otobiografi 

            Biografi teh asalana tina basa Yunani, diwangun ku kecap bios nu hartina hirup, jeung graphien nu hartina tulisan. Bisa dihartikeun, biografi teh tulisan ngeunaan kahirupan saurang jalma. Cindekna, biografi teh riwayat hirup. Eusina biografi teh nyaritakeun kumaha kahirupan saurang jalma ti mimiti lahir nepi ka wafat. Hal nu penting, taya lian nembrakeun kumaha jasa-jasana ka nusa jeung bangsa. Biografi nulad kana sumber-sumber buku, koran, majalah, atawa referensi sajarah. 

Nilik saha-sahana nu nulisna, biografi teh dibagi jadi dua wanda :

1). Autobiografi atau Otobiografi, nyaeta biografi anu ditulis ku sorangan. Hartina jalma anu nulis teh nyaritakeun biografi sorangan.

2). Biografi, nyaeta ditulis ku batur. Hartina nu nulis biografina teh lain manehna, tapi batur.

Dumasar padika nuliskeunana, biografi dibagi dua :

a). Authoried Biography, nyaeta biografi anu ditulis ku batur tur aya widi/idin ti tokoh anu ditulis biografina.

b). Unauthorried Biography, nyaeta biografi nu ditulis ku batur tapi eweh widi/idin ti tokoh anu ditulis biografina, alesanana mah tokoh anu ditulis biografina teh tos pupus atawa taya dikieun. Ngan biasana, nu nulis biografi sok menta idin ka kulawarga atawa turunanaa. 

Anapon dumasar eusina, biografi teh aya nu nyaritakeun riwayat saurang jalma kalayan lengkep, ngetep seureuh, tur ngaruntuy ti mimiti lahir, naon jasa-jasana, tug nepi ka wafatna. Biografi nu kieu disebutna Biografi Riwayat Hirup. Sabalikna, aya biografi anu eusina teh ngan medar perkara karir atawa riwayat pagawean saurang jalma. Biografi nu kieu disebutna Biografi Riwayat Karir.

Wacana di lihur teh jejerna ngeunaan kepahlawanan secara umum, nu disebut pahlawan teh jalma anu gede jasana dina kahirupan enggoning ngabela rayat jeung lemah caina. Ku lantaran gede jasana tea, jalma anu dianggap pahlawan sok ditulis riwayat hirupna. Bisa dina koran, majalah, internet, atawa dibukakeun jadi biografi.

Buku biografi teh buku nu eusina nyaritakeun ngeunaan kahirupan saurang tokoh anu gede jasana atawa sukses dina kahirupanana. Kaasup buku anu bisa ngahudangkeun sumanget atawa kahayang pikeun nurutan jalan hirup tokoh anu dicaritakeun.

Saha jeung jalma anu kumaha anu sok dijieun biografina? Taya lian tokoh anu gede jasana pikeun kahirupan bangsa jeung nagara. Lain wae pahlawan, tapi bisa oge tokoh anu sukses dina hirupna. Nepi ka bisa diturutan atawa ditulad ku nu maca biografi.  Upamana wae urang bisa nulad tina kasuksesan Darso dina widang seni calung. Urang ge bisa nulad ketak R.Oto Iskandar Dinata, lantaran geus bajoang keur bangsa jeung negara. 

Aya sawatara biografi pahlawan atawa inohong Sunda, di antarana wae dikumpulkeun dina buku karya Budi Rahayu Tamsyah nu judulna Biografi Pahlawan Asal Jawa Barat (Geger Sunten, 1993), buku karya edi S. Ekadjati nu judulna Nu Maranggung dina Sajarah Sunda (Pusat Studi Sunda, 2006), jeung buku karya Nina H. Lubis nu judulna 9 Pahlawan Nasional Asal Jawa Barat (Lemlit Unpad, 2006).

Di antara pahlawan Sunda anu diguar riwayat  hirupna dina eta buku teh upamana wae: Rd. Dewi  Sartika, Rd. Oto Iskandar Dinata, Ir. H. Djuanda, L. R. E. Martadinata, Rd, Ema Bratakusuma, K. H. Zaenal Mustofa, R. H. Iwa Kusuuma Sumantri, jueng sajaba ti eta. 

Komentar

  1. Nabillah putri octaviany
    XI OTKP 3

    BalasHapus
  2. Assalamu'alaikum
    Nama : Fauzi suryazi
    Kelas. : XI bdp 1
    Mapel : b.sunda
    SMK assalamah

    BalasHapus
  3. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  4. MUHAMAD IRGI MAULANA, XI OTKP 3

    BalasHapus
  5. Muhammad Adhitia Ramadhan
    XI Bdp 1

    BalasHapus
  6. nama : siti fatimah azzahra
    kelas : XI otkp3

    BalasHapus
  7. nama : siti fatimah azzahra
    kelas : XI otkp3

    BalasHapus
  8. Nama: Dyco Catur Mahesa
    Kelas: XI OTKP 3

    BalasHapus

Posting Komentar

Postingan Populer